ASJAP

Smallest Font
Largest Font

ASJAP

Asjap (Antara Sir Jeng Pikir)
Antara Sir Jeng Pikir
Rasa anu Panceg Ka Gusti
Sir nu Ridho Tinu Maha Suci
Tur Pikir nu Ngawujud Na Lampah Siliwangi
Rasa jeng Pikir nu Jembar

Ngarangkul nu letik someah ka sasama
Asih jeng asuhna jadi rasa nungabudaya
Asahna jadi adab nu loba dipikaresep ngawangian

Ngamajuken pikir ngamajuken lembur
Sancangred pageuh sagolek Pangkep

bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Babarengan ku Sirna Muhammad
Kanyaah nu te laas ku waktu

Asjap
Hiji ngaran anu Matri Aya dina hate rahayat dilembur tur dikota
Ti budak nepi ka kolot
Wawuh Kana ngaran Asjap sanajan can Panggih
Wangina dipikacinta ku rahayat

Asjap
Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak jeng rahayat
Luhur budi handap asor, someah hade kasasama
Ngawujudken impian rahayat ku saling Doaken tur saling rojong
Hayu urang babarengan Aya dina Barisan Asjap.

ditulis oleh Ruslan Raya/Mata Sosial

Palabuhanratu, 03/11/2023.
Subuh

Editors Team
Daisy Floren

What's Your Reaction?

  • Like
    0
    Like
  • Dislike
    0
    Dislike
  • Funny
    0
    Funny
  • Angry
    0
    Angry
  • Sad
    0
    Sad
  • Wow
    0
    Wow